0

Perbedaan Baheula jeung Ayeuna

Baheula, waktu jaman penjajahan belanda teu aya jelema atawa barudak anu sarantey jiga ayeuna. kunaon ceunah da baheula mah beda jeung ayeuna. naon ceunah bedana.? jauh..!! bedana, baheula mah hayang dahar kudu berjuang heula, kudur udar ideur ka wetan ka kulon ka kidul lah pokoknamah mondar mandir kaditu kadieu pabaliut jiga sireum, apal sireum piraku we urang sunda teu apal sireum. nya naon ceunah hayang dahar make kudu mundar-madir heula ? nya jang neangan naun anu dek jang pidahareunna, nya ayeuna kieu aya beas euweuh nasi eh salah ... maksudna euweuh suluhna, pan eta teh kudu neangan pan suluhna, ayeuna geus menang suluh yeuh misalkeun, kakarek bisa mirun seuneu dina hawu, apal mirun seuneu ? mirun seuneu hartina ngahurungkeun seuneu dina hawu.

naon ceunah anu di sebut hawu ? hawu nyaeta tempat paranti masak mun ceuk ayeunamah kompor lah teu jauh beda, tah geus kitu nembe di pasak si beas etateh, nya tidinya mah tuluy-tuluy we nungguan sangu dina kastrol nepika jadi gigih. apal gigih........?
gigih teh nyaeta sangu atawa nasi satengah asak. lajeung carita mun beas geus jadi gigih terus nagogkeun langseung atawa se'eng anu di caian.
Ngke mun cai dina se'eng tos ngagolak atawa mendidih, siap.. siap... sangu gigih tadi di asupkeun kana aseupan, nyaho maneh hartina aseupan ? aseupan nyaeta pakakas paranti nyepan sangu. tah mun gigih tadi geus di asupkeun kana aseupan, tulul asepan etateh di tumpangkeun kana se'eng nu tadi aya caian, nya mun geus di tumpangkeun tinggal nuruban kuturubna

tah mun geus kitu tungguan... nepika si gigih eta asak sangkan jadi sangu... naha jadi ngajarkeun kieu nya simkuring teh,,, tapi teu nanaon lah moga we aya mamfaatna eukeur baraya atawa dulur sadayana.. nya mudah - mudahan we atuh jadi pelajaran atau panduan mun ceuk bahasa indo namah. lajeungkeun .. si sangu eta asak, tah geus asak kitu teu langsung di dahar,, aya dui carana nya eta di akeul, di hihidan mun ceuk ayeunamah di kipasan supaya tiiss.. T_T hehe.. tah beres di akeul kakarek ayeunamah menang di dahar atawa di mam.
tah kieu jang baheula mah masak nasi teh teu gampang saperti ayeuna dijaman modern serba gancang..
ayeunamah heueuh dijaman kiwari hayang nyangu kari nyolokeun tunggulan 17 menit asak.

tapi urang ulah ka ngenahan ku anu serba cepat nu aya ayeuna, lainan nga larang atawa ulah.! ngan ngabejaan. ayeuna kieu mun urang geus kageunahan ku alat² anu serba praktis ekonomis mang emis.. hehehe :) ke urang efekna bakal jadi maleus gawe kunaon ceunah make maleus gawe ? ayeuna we kieu mun barudak ayeuna, tong jauh² contonamah : dek indit atawa berangkat ka sakola mana daekeun sok lempang jarak anu jauh ..? tah eta teh salah satu contoh pemalas. hayang nateh barudak ayeunamah senang tanpa berjuang .

matakna abdi atawa aing, aku, nitip ka mararaneh kabeh, kudu rajin nya gae ayeuna maneh mang teu ngarasaan jaman baheula anu serba berjuang .. tapi maneh ulah egois kudu loba nuhun ka kolot baheula kumaha perjuangan sepuh sepuh maneh..
tah kudu ingeut kadinya, ulah sampe ngacemarkeun nama alus maneh ku kalakuan maneh sorangan, jeung daerah sekitar maneh gedenamah negara maneh. jadi kudu ngahargaan para pahlawan baheula anu geus merdeka ayeuna berkat pahlawan baheula anu dirasakeun senangna ku maraneh ayeuna . tah jadi ulah sampe negeri ieu di kotoran ku sagala tingkah laku maneh anu teu baleug atawa anu dilarang ku peraturan anu geus aya.

salain eta maneh kabeh..... bae nya posting bahasana rada kasar, da emang kieu bahasa sunda aslinamah. tah ujang, asep, geulis sing barageur nya soalna bageur atawa pinter atawa di hargaan ku urang lain, lainan jang baturrrr... ngalainkeun jang maneh -maneh keneh sorangan, matakna tuamanan.. mulaian.... ti seureut ayeuna ka hareup kudu BAGEUR. nya
Selengkapnya...

 
Copyright © Campuran